SI KABAYAN SUKSES
Tokoh
:
Agung
Gumelar "
Kabayan
Ernawati
"
Iteung
Ichsan
Nurulloh "
Abah Ncép
Sera
Indriani "
Emak Ilah
Sulismiati
"
Elis
Tuti
Agustin "
Enéng
Isuk-isuk, panon poé geus datang
ngagantikeun bulan. Nyaangan bumi nu ku urang dicicingan. Dicaritakeun, di
sawah aya lalaki nu keur ngalamunan hirupna, ngaranna téh Si Kabayan. Hirupna
euweuh kamajuan, pagawéanna téh ngan mikiran kumaha carana meunangkeun pagawéan
nu alus.
Kabayan
“Aduh hirup téh meni kieu-kieu
teuing. Meni hésé néangan pagawéan gé. Kolot geus nitah kawin, tapi urang can
boga pagawéan. Nasib-nasib.”
Torojol
Si Elis bari susulumputan.
Elis
“Daarrrr! Kunaon atuh Akang
ngalamun waé? Ngalamunkeun Elis nya?”
Kabayan
“Ih meni géér! Ieuh nya Elis, Akang
téh keur mikiran pagawéan. Naha ari jaman ayeuna, meni hésé-hésé teuing néangan
pagawéan téh!”
Elis
“Oh! Sugan téh mikirkeun Elis. Tos
Kang, tong dipikiran pagawéan mah, da lamun dipikiran hungkul mah moal datang
nu ngaranna pagawéan téh”
Kurunyung
Nyi Iteung ngaliwat.
Kabayan
“Eh, Nyi Iteung! Tungguan Akang!” (bari lumpat ngudag Nyi Iteung)
Elis
“Ih Akang! Rék kamana? Elis keur
nyarios téh kalah ditinggalkeun!”
Kabayan
“Badé kamana Nyai? Ku Akang
disauran téh meni teu ngalieuk.”
Iteung
“Oh, punten Kang, teu kadangu. Badé
ka pasar, aya naon kitu Kang?”
Kabayan
“Hayu atuh ku Akang urang anteur!
Dieu Nyai jinjinganna, ku akang urang candak.”
Iteung
“Sawios Akang ku Iteung wé.”
Kabayan
“Wios Nyai, dieu ku Akang!” (jinjinganna direbut)
Di pasar, Nyi Iteung balanja
kabutuhan dapur, dibaturan ku Kabayan nu satia nyekelan jinjinganna. Si Kabayan
poho yén manéhna téh keur dititah macul ku kolotna.
Kabayan
“Bade mésér naon waé Nyi?”
Iteung
“Biasa wé Kang, balanja kanggo di
dapur.”
Kabayan
“Oh nya atuh, Nyi. Kin ku Akang
dipangmayarkeun.”
Iteung
“Wios ih Akang, teu kedah!”
Kabayan
“Wios Nyi, teu nanaon.”
Iteung
“Nya atuh Kang, nuhun!”
Si
Kabayan ngodok pésak. Dompétna teu ka bawa, manéhna bingung kumaha mayar
balanjaan Nyi Iteung.
Iteung
“Kunaon Akang, meni siga nu bingung
kitu?”
Kabayan
“Oh, teu ku nanaon
Nyi!” (bari cugap cagap kana pésakna
)
Iteung
“Akang ieu balanjaanna Rp.
10.000-eun tinggal dibayar.”
Kabayan
“Mmm, aduh Nyi a-a-acis Akang…”
Iteung
“Kunaon kitu acisna, Kang?”
Kabayan
“Acis Akangna Nyi, aya di dompét,
tapi dompétna tinggaleun.” (bari sarangah
séréngéh)
Torojol
Si Enéng, adi Kabayan.
Enéng
“Akang! nuju naon di dieu? Sanés
tadi téh dipiwarang ku Si Abah macul di sawah? Naha jol aya di dieu? Béjakeun siah
ka Si Abah!”
Kabayan
“Atuh Néng tong dibéjakeun ka Si
Abah!”
Enéng
“Hmm, nya moal dibéjakeun! Ngan aya
saratna Kang!”
Kabayan
“Naon saratna?”
Enéng
“Hmm, naonnya? Saratna eusian pulsa
wé Kang!”
Kabayan
“Hantem wé pulsa, tenanglah gampang
pulsa mah!”
Enéng
“Tapi Kang, pulsana kudu aya jam 10
beurang nya, ulah léwat ti jam éta, lamun léwat mah perjanjianna batal, ku
enéng bakal dibéjakeun ka Si Abah!”
Kabayan
“Siap Néng! Eh, Nyi Iteung, Akang
uih heulanya. Dahhh!” (indit jeung Si
Enéng)
Itueng
“Ih! Si Akang mah tara bener!” (baeud)
Teu lila ti dinya, torojol Bah
Ncép, bapakna kabayan. Nyampeurkeun Iteung nu keur baeud.
Abah Ncép
“Euleuh-euleuh ieu nuju naon si
geulis? Meni baeud kitu.”
Iteung
“Ieu Abah, budak Abah nu ngaranna Si
Kabayan borokokok, ngajanjikeun rék pangmayarkeun balanjaan Iteung! Éh sihoréng
téh, teu jadi da teu ka cokot cenah dompétna!”
Abah Ncép
“Aéh-aéh! Si Borokokok mah da sok
kitu. Pikasebeuleun! Ngérakeun kolot waé!
Iteung
“Ah sok kitu Si Abah mah!”
Abah Ncép
“Daripada baeud mah, ieu wé atuh
kanggo Iteung. (Bari mikeun duit) Ku
Abah dipangbayarkeun! Tapi tong béja-béja ka Si Emak Ilah nya!”
Iteung
“Ih! Si Abah mah, wios teu kedah!
Keur abah wé, keur mésér bako, da Iteung mah ngan heureuy! (bari mikeun deui duitna).
Abah Ncép
“Ih, Iteung mah dipasihan ku Abah
téh! Ieu mah da lain heureuy!”
Teu
lila torojol Emak Ilah, indung Kabayan, ninggali kalakuan salakina, Mak Ilah
ngadat.
Emak Ilah
“Euleuh! Abah! Baku Si Abah mah
lamun ninggali awéwé téh! (bari ngajéwér
ceuli salakina).
Abah Ncép
“Aw aw aw! Ampun Emak ampun! Moal
sakali-kali deui! Ampun!”
Emak Ilah
“Paribasa! Moal sakali-kali deui
téh, da Abah mah lamun Emak euweuh téh, sok ngaheureuyan awéwé lain! Inget
Abah, inget! Inget kana umur nu makin mondokkan.”
Abah Ncép
“Ampun! Ampun, Emak ampun!”
Emak Ilah
(Bari
dilepaskeun jéwéranna) “Teu kurang kumaha atuh Abah, Emak
ka Abah téh? Lamun lapar sok dipangnyangukeun, mun cangkeul sok dipencétan!
Kurang naon deui atuh Abah? Kurang geulis? Da geus geulis Emak mah, teu kudu
dikukumaha deui!”
Abah Ncép
(Nungkul)
“Moal sakali-kali deui Emak!”
Emak Ilah
“Ieu deuih Iteung, ninggali Si
Kabayan teu? Si Borokokok téh ngaladog waé!”
Iteung
“Tadi mah sareng Si Enéng, Kang
Kabayan téh, Mak.”
Emak Ilah
“Ari dititah téh Si Borokokok mah
ngalah ulin deuih, saruana da jeung bapakna! Hayu Abah! (bari ngadudut baju Si Abah).
Di sawah, Si Kabayan teu macul
sakumaha dititah ku kolotna, kalah niup suling, teu lila torojol adina, Si
Enéng nu nagih janji lanceukna téa.
Enéng
“Kang Kabayan mana atuh pulsa téh?
Kalah hantem wé niup suling!”
Kabayan
“Ah Si Enéng mah, panan janjina gé
ulah liwat ti jam sapuluh, tenang wé atuh!” (bari
niup deui sulingna).
Enéng
“Ari Kang Kabayan, ayeuna téh geus
jam satengah dua belas. Ah, geus wé lah perjanjianna batal! Rék dibéjakeun ka
Si Emak jeung Si Abah! (bari indit).
Kabayan
“Éh, Néng! Néng! Ishhh, jug wé lah
béjakeun ka Si Emak! (bari jojorowokan).
Di imah, Emak Ilah nanyakeun
Kabayan nu kedul, nu tara migawé paréntah kolot ka Si Enéng.”
Emak Ilah
“Néng, ninggali Kang Kabayan teu?
Tadi ceuk Nyi Iteung cenah jeung Enéng, Kang Kabayan téh! Ning henteu!”
Enéng
“Ninggal, tuh Kang Kabayan mah keur
nyuling di sawah!”
Abah Ncép
“Euleuh-euleuh budak téh! Lain mah
néangan gawé, kalah niupan suling wé haben. Éh, ari maculna nggeus can budak
téh?”
Enéng
“Ncan tah Abah! Kalah ngaheureuyan
awéwé waé Si Kang Kabayan mah!”
Emak Ilah
“Budak jeung bapak téh saruana, sok
ngaheureuyan awéwé. Dasar borokokok!”
Abah Ncép
“Si Emak mah! Urang téang reura Si
Kabayan téh! (sabari ngaléos indit).
Emak Ilah
“Jug geura téang, Abah! Tapi awas
siah mun ngaheureuyan awéwé deui!”
Di sawah, ti jauh Abah Ncép
ninggali Kabayan nu keur diuk di handapeun tangkal kalapa. Abah Ncép manggihan
Kabayan nu keur héés. Abah Ncép ngarasa boga tanggungjawab gedé ka budakna nu
can boga pagawéan. Salaku bapakna, ku Abah Ncép, Si Kabayan dipapatahan.
Abah Ncép
“Kabayan! Kabayan ! (sabari melak cangkéng).
Kabayan
(Ngorok)
Abah Ncép
“Si Borokokok téh kalah molor!
Kabayan! Kabayan! Hudang! Éh Si Borokokok téh teu hudang, kalah narikan deuih
kérékna! Ah aya bulu hayam, kabeneran!” (Abah
Ncép manggih bulu hayam, Ku Abah Ncép Si Kabayan di kélékéték make bulu hayam
éta).
Kabayan
(Seuseurian)
Abah Ncép
“Rasakeun siah! Hudang!
Kabayan
“Euh Si Abah mah! Ngalah
dihudangkeun, keur ngeunah-ngeunah ngimpi jeung Nyi Iteung téh!”
Abah Ncép
“Euleuh-euleuh! Ari Si Borokokok!
Anggur mah geura béréskeun macul téh, lain molor waé. Inget Kabayan! Manéh téh
geus kolot. Kuduna mah, ayeuna manéh téh geus gawé, boga pamajikan, boga budak.
Ari kieu waé mah atuh Kabayan, rék iraha manéh boga pagawéan jeung pamajikan?”
Kabayan
“Tenang Abah, tenang!”
Abah Ncép
“Tenang naon manéh téh?”
Kabayan
“Tenang! Abah mah nyaho tinggal
indit ka Mekkah wé.”
Abah Ncép
“Ka Mekkah? Iraha ka Mekkah? Bet
mere duit jang bako gé tara manéh mah.
Kabayan
“Ah Si Abah mah!. Kan nanaon téh butuh
prosés atuh!”
Abah Ncép
“Proses-proses wéh! Bet dititah
macul gé manéh mah kalah molor! Buru gawéan tah! Geura anggeuskeun!” (bari indit).
Kabayan
“Bener ogé nya ceuk Si Abah téh!
Kuduna téh ayeuna mah urang geus boga pagawean , boga pamajikan, komo
pamajikanna Nyi Iteung mah.”
Dicaritakeun Emak Ilah jeung Si
Enéng keur balanja di warung, kabeneran aya Elis nu sarua keur balanja. Kacida
bungahna Elis ninggali indung jeung adi Kabayan.
Elis
“Éh! Néng, Emak (bari salam) nuju balanja ieu téh, meni
ngaborong.”
Emak Elis
“Muhun ieu téh, Lis.”
Elis
(Bari
ngaharéwos) “Néng, ari Kang Kabayan aya di bumi
teu?”
Enéng
“Si Kang Kabayan mah nuju aya di
sawah, Téh Elis.”
Elis
“Nuju naon di sawah?”
Enéng
“Duka, tinggal wé ku Téh Elis.”
Elis
“Éh! Emak-emak, wios ku Elis wé
dibayarna!”
Emak Ilah
“Nu leres ieu téh Lis? Ah, wios da
Emak gé aya artos mah.”
Elis
“Ih, henteu Emak! Ti Elis wé
sakantenan!”
Emak Ilah
“Éh Elis mah sok kitu. Ti Emak wé!”
Elis
“Ulah Emak! Ti Elis wé, acis eta
mah kanggo Kang Kabayan simpen!”
Emak Ilah
“Ari maksa mah atuh Elis. Tapi
leres teu ieu téh?”
Elis
“Leres atuh Mak! Piraku wé.”
Emak Ilah
“Nuhun atuhnya Lis!”
Si Eneng jeung Emak Ilah balik ka
imah, bari haté bungah, lantaran balanjaana dipangmayarkeun ku Elis.
Emak Ilah & Enéng
“Assalamu’alaikum.”
Abah Ncép & Kabayan
“Wa’alaikumsalam”
Emak Ilah
“Kabayan geus bérés macul téh?”
Kabayan
(Sarangah-séréngéh
bari gagaro sirah)
Emak Ilah
“Kalah sarangah-séréngéh ditanya
téh! Acan lain?”
Kabayan
“Lain acan Mak, tapi belum.”
Abah Ncép
“Euh, Si Borokokok mah!”
Enéng
“Kang Kabayan, tadi hég Téh Elis
pangmayarkeun balanjaan Si Emak!”
Kabayan
“Naon urusanna jeung Akang?”
Enéng
“Lain Téh Elis teh kabogoh Akang?
Si Akang mah sok kitu ka kabogoh téh.”
Kabayan
“Naon da kabogoh Akang mah lain Si
Elis, tapi Nyi Iteung.”
Emak Ilah
“Maneh mah Si Elis teh geus bageur,
geulis deuih, neangan nu kumaha deui?”
Kabayan
“Atuh Mak, da Kabayan mah bogohna
ge ngan ka Nyi Iteung.”
Abah Ncép
“Geus Kabayan, maneh mah jeung Si
Elis we. Si Iteung mah ka Abah keun we!”
Emak Ilah
“Euleuh-euleuh! Naha ari Si Abah
teu eling sugan, geus kolot oge! Emak rek dikamanakeun atuh, Bah?”
Abah Ncép
“Heureuy atuh Mak! Moal sakali-kali
deui!”
Emak Ilah
“Teuing ah!” (bari indit kaluar).
Enéng
“Emak! Si Abah mah paribasa!” (indit nyusul indungna).
Di sisi jalan, Si Elis keur cicing
bari ngabayangkeun kumaha ekspresi Kabayan pas nyaho balanjaan indungna
dipangmayarkeun ku manehna. Teu lila, ngaliwat Si Iteung. Ku Si Elis, Si Iteung
di goroan.
Elis
“Iteung, kadieu!”
Iteung
“Aya naon Lis?”
Elis
“Maneh teh kabogoh Kang Kabayan
lain?”
Iteung
“Sanes, naon kitu?”
Elis
“Oh, alus atuh! Lamun kitu mah,
tong ngadeukeutan deui Si Kang Kabayan! Da Kang Kabayan mah tos sareng Elis!”
Iteung
“Nya mangga, da Iteung mah sanes
kabogoh Kang Kabayan!”
Elis
“Nya jug atuh!”
Nyi Iteung diuk di handapeun
tatangkalan, sabari ngalamun. Teu lila datang Kabayan nu ngahudangkeun
lamunanna.
Kabayan
“Nyai, nuju naon ngalamun nyalira
di dieu? Bisi kasambet keh!”
Iteung
“Tos lah Kang, ayeuna mah tong
ngadeukeutan Iteung deui. Iteung mah ngan saukur jadi panghalang hubungan Akang
sareng Si Elis.”
Kabayan
“Ku naon ari Nyai nyarios teh
kamana wae? Iyeuh Nyai dangukeun, Akang mah ngan cinta, nyaah jeung sayangna ge
ka Nyai.”
Iteung
“Akang bohong. Geuning tadi saur
Elis, Akang teh sareng Elis!”
Kabayan
“Aduh Nyai! Si Elis mah sok
nngaku-ngaku. Kan Nyai ge terang Si Elis mah sok ngaganggu hubungan batur.”
Iteung
“Leres Akang teu aya hubungan
nanaon sareng Si Elis?”
Kabayan
“Leres Nyai! Akang mah teu bohong!
Iteung
“Nya atuh Nyai percanten ka Akang.”
Kabayan
“Nyai kersa teu ?”
Iteung
“Kersa naon, Kang?”
Kabayan
“Kersa teu ngantosan Akang nepi ka
Akang sukses? Akang bade merantau heula ka Jakarta, bade marian padamelan,
kanggo kulawarga Akang sareng kanggo mempersunting Nyai. Da di dieu ge nganggur
wae. Kahoyong Akang mah Nyai teh keras ngantosan Akang dugi ka Akang uih deui
ka dieu. Akang oge bade nyarios heula ka emak sareng Abah.”
Iteung
“Akang dangukeunnya, Akang kudu
ngabahagiakeun kulawarga Akang heula samemeh Nyai ge.”
Kabayan
“Nya atuh Nyai, Akang oge paham eta
mah. Salami Akang merantau, Nyai tong deukeut-deukeut sareng pameget nu
sanesnya.”
Iteung
“Nya atuh Kang! Akang ge diditu
tong genit.”
Keur
resep-resep Kabayan ngobrol jeung Si Iteung, torojol Si Neng adina Si Kabayan.
Enéng
“Akang! Kang Kabayan! Itu ceuk Si
Emak!”
Kabayan
“Paribasa Si Neng mah, sok
ngaganggu lamun lanceuk bobogohan teh! Rek naon atuh Si Emak teh ngagoroan
wae?”
Enéng
“Teu apal atuh, kaditu heula we!”
Kabayan
“Heehlah! Nyai, Akang uih
heulanya.”
Iteung
“Nya Kang.”
Di imah, Emak Ilah jeung Abah Ncép,
indung bapak Kabayan geus nungguan.
Kabayan & Neng
“Assalamu’alaikum.”
Emak & Abah
“Wa’alaikumsalam”
Kabayan
“Aya naon, Mak neangan
Kabayan?”
Emak Ilah
“Emak teh rek nanya,
ari maneh teh rek kumaha ayeuna, gawe henteu, nganggur weh hayoh. Lain maneh
teh hayang kawin jeung Si Iteung?”
Abah Ncép
“Heueuh Kabayan,
kuli-kuli atuh!”
Enéng
“Heueuh, Si Akang mah
kalahkah bobogohan we hayoh!”
Kabayan
“Heueuh Bah, Emak,
kuring teh bakal neangan gawe, kuring rek merantau heula sababaraha taun mah. Kuring
teh hayang ngabungahkeun kulawarga heula. Du’akeun we ku Emak, Abah, jeung
Eneng, mudah-mudahan kuring boga pagawean nu alus.”
Emak Ilah
“Heeh atuh sukur ari
niatna kitu mah, ku Emak ge sok diduakeun wae maneh teh supaya sukses.”
Abah Ncép
“Tah kitu atuh Kabayan
hirup teh kudu boga tujuan!”
Enéng
“Enya Kang, Neng ge
hoyong nuluykeun sakola deui.”
Kabayan
“Nya, duakeun we.
Rencanana mah, isukan Kabayan bakal angkat ka Jakarta na teh.”
Enéng
“Hah, isukan! Meni
ngadadak.”
Kabayan
“Iraha deui atuh Neng,
ongkoh cenah hayang ngalanjutkeun sakola!”
Enéng
“Oh nya atuh, Kang!”
Isukna, di luar imah Si
Kabayan pamitan ka kulawargana rek indit merantau ka Jakarta.
Emak Ilah
“Kabayan, Emak mah ngan
saukur bisa mere sakieu (bari nyodorkeun
duit). Emak mah teu bisa mere nanaon deui. Yeuh keur di ditu sapopoe bisi
hayang jajan.”
Kabayan
“Nuhun atuh Emak,
padahal mah wios we, Mak! Eh, Neng! Ieu pang masihkeun surat ka Nyi Iteung,
kade tong di bukanya!”
Enéng
“Siap, Kang! Moal di
buka atuh ku eneng ge.”
Kabayan
“Abah! Awas siah tong
ngaganggu Si Iteung!”
Abah Ncép
“Tenang we moal
diganggu, paling ge diheureuyan!”
Emak Ilah
‘Naon, Bah? Sakali deui
ngomong!” (bari ceulina dijewer)
Abah Ncép
“Henteu, henteu Mak!
Moal atuh, Mak! Tadi mah ngan banyol hungkul!”
Emak Ilah : “Banyol-banyol weh!” (sabari jamedud)
Teu
lila torojol Si Elis
Elis
“Aduh-aduh! Nuju naraon
yeuh ngumpul-ngumpul di dieu?”
Abah Ncép
“Eh, Elis! Bade
ngapelan Abahnya?”
Kabayan, Emak jeung
Neng
“Abah!!!”
Abah Ncép
“Hehe, ampun-ampun!”
Emak Ilah
“Ieu Neng, Kabayan bade
angkat ka Jakarta! Bade damel.”
Elis
“Hah, ka Jakarta? Meni
ngadadak, meren Elis kumaha atuh Kang?”
Kabayan
“Kumaha naon ieu teh?
Emang maneh saha urang?”
Elis
“Ih Akang mah meni
kitu! Elis ngiringnya, Kang?”
Kabayan
“Eh eh! Rek naon ngilu
ka Jakarta? Hayang dijadikeun gembel lain?”
Elis
“Ih Si Akang mah meni
kitu! Nya atuh Kang hati-hati we di jalanna. Elis di dieu bakal satia ngantosan
Akang! ( bari nyabak gado Kabayan)
Kabayan
“Heehlah, kumaha di
dinya we! Nya atuh Mak, Bah, Neng, Kabayan angkat heula. Assalamu’alaikum!”
Emak, Abah, Neng :
“Wa’alaikumsalam”
Elis
“Ka Elis teu pamitan,
Kang?” (Si Elis teu dianggap ku Si
Kabayan)
Di terminal, Kabayan
bingung nu mana bes jurusan Jakarta, bes nu kudu ditumpakan supaya manehna bisa
nepi ka tujuan.
Kabayan
“Aduh! Mananya bes nu
jurusan ka Jakarta teh? Ah ieu ning!” (asup
kana bes)
Teu
lila torojol tukang ngamen
Tukang ngamen
(nyanyi
lagu nu matak ceuli rawing)
Kabayan
“Aduh meni enakeun kieu
lagu teh! (sabari joged dina bangku)
Ieu Jang!” (mere duit Rp. 500)
Tukang ngamen
“Hatur nuhun Kang!” (sabari indit)
Kabayan
“Eh! Kela-kela, rek
kamana, Jang? Pulangan heula!”
Tukang ngamen
“Atuh Kang! Teu pira
duit lima ratus perak ge meni kudu dipulangan sagala! Geus atuh Kang, ari teu
niat mere mah!”
Kabayan
“Atuh Jang, mere mah
kudu saikhlasna. Kumaha Akang we rek mere sabaraha oge. Ieu mah siga malak!”
Tukang ngamen
“Yeuh atuh Kang!
Meni bawel!” (dipulangan Rp. 300)
Pasosore Si Neng indit
ka sawah neangan nyi Iteung, niatna rek mikeun surat nu dititipkeun Kabayan ka
manehna.
Eneng
“Kamana nya Nyi Iteung
teh?”
Teu
lila torojol Nyi Iteung ngaliwat rek ka warung.
Eneng
“Eh, itu ning! Nyi
Iteung! Ieu Neng teh katitipan surat ti Kang Kabayan kanggo Nyai!”
Iteung
“Emang Kang Kabayan tos
angkat?”
Eneng
“Muhun”
Pas
rek dibikeun suratna ka Iteung, torojol Elis sabari ngarebut suratna.
Elis
“Ieu surat ti Kang
Kabayan kanggo Elis nya?”
Eneng
“Sanes Teh, ieu mah
kanggo Nyi Iteung!” (bari ngarebut deui
suratna)
Elis
“Kanggo Elis meren Neng
suratna?” (bari direbut deui suratna)
Eneng
“Sanes Teh Elis (bari direbut deui suratna), ieu mah
kanggo Nyi Iteung. Yeuh Nyi Iteung!”
Iteung
“Nuhun Neng!”
Elis
“Naha Neng mah kitu,
teu ngabela Elis! Lain Neng teh satuju Elis jeung Kang Kabayan teh!”
Eneng
“Eta mah kan baheula,
ayeuna mah henteu atuh! Hayu Nyi Iteung! (bari
ngadudut leungeun Iteung)
Elis
“Eh eh eh! Kalahkah
ditinggalkeun ieu teh!”
Di imah, Iteung
panasaran naon eusi surat ti Kabayan. Hatena deg-degan campur bungah teu puguh.
Iteung
“Si Akang nulis surat
naonnya?” (sabari dibuka suratna)
Isi surat :
Nyi
Iteung, Akang tos angkat.
Punten
Akang teu tiasa papendak heula sareng Nyai, tadi Akang teh angkatna
njing-njing.
Duakeunnya
ku Nyai, mudah-mudahan Akang sukses.
Inget
nya Nyai pesen Akang. Nyai tong macem-macem ka pameget sanes. Akang ge di ditu
bakal ngajaga hati Akang kanggo Nyai.
Akang
cinta ka Nyai. I love you!
Kabayan
Nu
kasep tea
Iteung
“Nya Akang, Nyai ge
cinta ka Akang!” (bari ngekepan suratna)
Teu karasa geus 4 taun
Si Kabayan gawe di Jakarta, geus meunang deui pagawean nu alus, nya eta
ditarima dipausahaan perkantoran nu geus ka sohor, manehna geus jadi pagawe
tetep deui. Saparo gajina, unggal bulan ku Kabayan sok dikirim ka kaluargana.
Nepi ka bisa nyakolakeun deui adina, Si Eneng. Si Kabayan hayang geura balik,
sanggeus maca surat ti Elis, lamun Iteung teh sok macem-macem ka lalaki lain.
Indung, bapa, jeung
adina teu apaleun, lamun Si Kabayan ayeuna rek balik. Kabayan balik ti Jakarta
teh jadi beda, pakeanna ge alus beda jeung basa inditna.
Kabayan
“Assalamu’alaikum” (sabari keketrok)
Eneng
“Wa’alaikumsalam! (bari mukakeun panto) Eh Akang!! Emak,
Abah Si Akang uih!” (atoh kabina-bina)
Emak Ilah
“Kabayan, budak Emak!
Nambah bodas wae maneh teh!”
Kabayan
“Ah Si Emak mah!”
Abah Ncép
“Euleuh-euleuh! Meni
beda euy ayeuna mah. Nambah kasep, siga Abah!”
Kabayan
“Si Abah mah aya-aya
wae. Ieu Mak oleh-olehna kanggo Emak, Abah, sareng Si Neng.”
Emak Ilah
“Nuhun atuhnya kasep!”
Kabayan
“Mak, kuring rek
manggihan heula Nyi Iteung heula nya.”
Emak Ilah
“Engke atuh Kabayan,
carape keneh meren!”
Kabayan
“Henteu da Emak,
Kabayan ka Nyi Iteung heula nya!”
Emak Ilah
“Nya lah jug!”
Si Kabayan keur lempang
rek ka sawah neangan Nyi Iteung, torojol si mincreung Elis nu teu diharepkeun.
Elis
“Eh! Ieu teh pujaan
hati Elis tea? Kang Kabayan? Euleuh meni beda ayeuna mah! Nambah kasep! Ahirna
Akang uih oge. Pasti bakal ngalamar Elis nya?”
Kabayan
“Maneh mah ti baheula
kalakuan teh kieu we, teu rubah-rubah!”
Elis
“Ih Si Akang mah meni
kitu! Bade kamana atuh Kang?”
Kabayan
“Bade marian Nyi Iteung!”
Elis
(Dina jero hate Elis :
Aha! Kabeneran tadi Elis ninggali Si Iteung keur jeung Cecep, keur duduaan di
sawah!) “Rek naon atuh Kang? Kan ku Elis ge tos diwartosan lamun Si Iteung teh
sok macem-macem jeung lalaki lain!”
Kabayan
“Ah! Akang mah teu percaya!”
Elis
“Hayu Kang! Lamun teu
peracya mah, ku Elis urang buktikeun!”
Si
Elis ngajak Kabayan ka sawah.
Elis
“Tuh Kang! Kalakuan Si
Iteung lamun Akang teu aya teh!” ( bari
nunjuk Iteung jeung Cecep nu keur ngobrol)
Kabayan
“Akang teu nyangka! Geuning
kieu kalakuan Nyi Iteung ditukangeun Akang teh!”
Elis
“Toslah Kang! Ayeuna
mah sareng Elis we!”
Si
Kabayan indit sanggeus ninggali kalakuan Iteung, pas indit Iteung ninggali
Kabayan jeung Elis.
Iteung
“Kang Kabayan! (atoh) Kang, antosan Kang! Ieu teh leres
Kang Kabayan? Nambah kasep wae Kang. Kumaha damang?”
Kabayan
“Tos lah Nyi, tong
pura-pura!” (indit ninggalkeun Iteung)
Iteung
“Oh jadi kieu Kang?
Kieu balasan Akang ka Nyai anu tos ngantosan Akang salami 4 taun teh? Akang
nuduh Nyai macem-macem sanes?”
Kabayan
(Kabayan
ngalieuk, nyampeurkeun Elis) “Emang bener kan Nyi?
Geuning tadi keur duduaan jeung Si Cecep di sawah, terus ceuk Si Elis ge salami
Akang di Jakarta Nyai osok macem-macem jeung lalaki lain.” (ambeuk)
Iteung
“Nyai sareng Si Cecep
mah ngan ngomongkeun masalah panen, dipiwarang ku Si Abah. Kan saur Akang teh
tong percaya ka omonganna Elis lain? Da Elis mah sok ngaganggu hubungan batur.
Naha ari ayeuna ngalah Akang nyalira nu percaya ka Si Elis? Akang terang teu
pengorbanan Nyai salami Akang teu aya? Nyai teh nyaah ka Akang, cinta Kang!” (bari rek ceurik)
Kabayan
(cicing)
“Nya atuh Nyi, hampura Akang! akang salah! Akang ge cinta ka Nyai, Akang sono!”
Iteung
“Sami Kang!”
Kabayan
“Nyai, dangukeun, Akang
teh hoyong ngalamar Nyai. Tapi pasti moal ditampi ku Umi sareng Abah Nyai.”
Iteung
“Iteung tos ngabujuk
Umi sareng Abah, Kang. Alhamdulillah! Abah sareng Umi tos satuju.”
Kabayan
(atoh)
“Alhamdulillah, Nyi! Ahirna Akang bisa nikah sareng Nyai! Tapi… Nyai siap teu
enjing urang langsung nikah?”
Iteung
(reuwas)
“Hah, enjing? Tapi Nyai teu acan nyiapkeun nanaon, Kang!”
Kabayan
“Tenang, Nyai bisa
diatur eta mah!”
Kabar lamun Nyi Iteung
rek kawin jeung Kabayan teh, geus nyebar ka seantero kampung. Kaasup Elis, nu
salila ieu resep ka Kabayan. Di warung, Elis papanggih jeung adina Kabayan, Si
Eneng.
Elis
“Neng, Neng! Leres
enjing Si Kang Kabayan bakal nikah sareng Si Iteung?”
Eneng
“Muhun, Teh Elis terang
ti saha kitu?”
Elis
“Wah! Jadi bener eta
teh! Ah ayeuna mah tos taya harepan deui atuh kanggo Elis teh!” (sedih)
Eneng
“Sabar, Teh Elis! Da
seueur pameget anu leuwih ti Kang Kabayan teh.”
Elis
“Da atuh Neng! Teh Elis
mah keukeuh hoyong sareng Kang Kabayan!”
Eneng
“Atoslah, Teh! Ayeuna
mah tarimakeun we!” (sabari ngusapan
tonggong Elis)
Elis
“Nya atuh, Neng! Emang
nasibna kudu kieu meren.”
Eneng
“Nya atuh, teh! Sing
sabar we!”
Sanggeus ti warung,
Elis indit ka sawah nenangkeun hate jeung pikiranna.
Elis
“Hiks, hiks!” (ceurik di handapeun tangkal kalapa)
Torojol
Kabayan
Kabayan
“Elis!”
Elis
(cicing)
Kabayan
“Elis ku naon?”
Elis
“Akang tega ka Elis!
Akang terang teu? Ti baheula Elis teh resep ka Akang teh, cinta Kang! Elis teh
cinta!”
Kabayan
“Dangukeun Elis, Akang
mah ka Elis teh ngan nganggap babaturan hungkul teu leuwih. Pan Elis ge teurang
Akang mah cintana ge ngan ka Nyi Iteung hungkul!”
Elis
“Tapi sahenteuna, Akang
teh ngahargaan perasaan Elis!”
Kabayan
“Nya atuh Lis, hampura
Akang! ku Akang Lis diduakeun supaya meunang lalaki nu leuwih alus ti Akang.”
Elis
(cicing
ngabetem, langsung indit ngabalieur)
Kabayan
“Lis, Lis! Rek Kamana?”
Elis
(ngalieuk
ka tukang sabari judes, tuluy indit deui)
Di imah, Emak, Abah,
Kabayan jeung Adina ngumpul. Kabayan rek bebeja ka kolotna yen manehna teh bakal
kawin jeung Nyi Iteung isukan.
Kabayan
“Emak, Abah, Neng.”
Emak Ilah
“Aya naon Kabayan?”
Kabayan
“Kieu Mak, Bah, ayeuna
mah Kabayan tos gaduh padamelan, Kabayan bade ngalamar Nyi Iteung. Emak sareng
Abah satuju teu?”
Abah Ncép
“Abah mah satuju wae
maneh rek kawin jeung sasaha oge, asal maneh kudu bisa tanggungjawab jeung bisa
ngajagaan kaluarga maneh engke.”
Kabayan
“Muhun atuh Abah!”
Eneng
“Tapi, Kang! Lamun tos
nikah tong hilapnya ka Neng!”
Kabayan
“Moal atuh Neng!”
Isukana, Si Kabayan
kawin jeung Nyi Iteung. Nyi Iteung dibawa ka Jakarta ku Si Kabayan. Si Kabayan
ge teu poho sok ngiriman duit ka kaluargana nu aya di kampung. Indung, bapak,
jeung adi Kabayan, jadi teu sangsara deui. Sadengkeun Si Elis, geus panggih
jeung jodohna, tapi hatena mah tetep masih bogoh ka Kabayan.
0 komentar:
Posting Komentar